Rabu, 23 Maret 2011

kidung sasadu papalaku

  • Awitan puji Nu Agung, didastakeun ka Ilahi,
ka Alloh Nu Maha Endah,
nu ngupah ngapeh pibatin.
rehing ku widi Mantenna,
rengse nganggit ngahariring.
  • Hariring awak satangtung, birahi ti awit lahir,
cuang-cieung ngan sorangan, sorangeun diri pribadi,
sajorelat kingkilaban,
citangis ti Ahli Bait.
  • Munajat ka Maha Agung,
di Baitulloh pribadi,
Baitulloh saamparna,
saliring-liring dumadi,
sajagat sagorombyangan,
jerit pibatin birahi.
  • Kasinaran layung ngempur, dumeling ti Imam Ali,
ti Kumail Ibnu Ziyad,
mugi kersa wening galih,
diteda setra pangrasa,
reh disanggi ku sim kuring.
  • Diwangun mangrupi lagu,  Papatet anu maranti,
sidik indung Tembang Sunda, Papatet patokan diri,
papayeun nu ngahaleuang, haleuang Rawayan Jati.
  • Rum arum mitra sadarum,
anu wening ngahariring, mapatkeun tembang Sang Nyawa, nyawa sakuring-sakuring,
mugia kenging nugraha,
puji pibatin ditampi.
  • Kabirahian nu hirup,
sugrining anu kumelip,
hayang mulang ka sungapan,
ti suci mulih ka suci,
congo nyurup di puhu-Na,
mulih ka Bait nu asli.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar