1. Ya Alloh Nu Maha Agung,
abdi sumujud babakti,
nunuhun gaduh paneda,
kalayan asmaning Gusti,
ngalimpudan jagat raya,
nu kawasa tanpa tanding,
tumut tunduk sadayana,
ka Alloh Nu Welas Asih.
2. Kamulyaan Anu Agung,
ngawonkeun sagala rupi,
Maha Kiat Nu Kawasa,
tumpur sugrining nu batil,
kakawasaan Pangeran,
ngungkulan sagala rupi,
maha-abadi Pangeran,
ancur lebur nu pandeuri.
3. Asma Alloh Anu Agung,
ngalimpudan bumi langit,
elmu Alloh tan wilangan,
ngawengku lahir jeung batin,
kauningana Pangeran,
ngalimpudan sagir kabir,
Nur Ilahi nu sumirat,
tingbaranyay tingkaretip.
4. Ya cahaya hurung mancur,
nu teu awal henteu ahir,
nu awal heulaeun awal,
nu ahir ahireun ahir,
nu abadi salamina,
Nur Ilahi Maha Suci,
sim abdi sujud neneda,
neda rahmat asih Gusti,
5. Neda ampun ka Nu Agung,
ku seueur dosa sim abdi,
dosa dijieun sorangan,
anu nyilakakeun diri,
anu ngareksak kurnia,
kurnia ka diri abdi,
abdi dolim ka sorangan,
dolim ka diri pribadi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar