Rabu, 23 Maret 2011

jerit pribatin kabirahian manusa

6.     Ya Alloh Nu Maha Agung,
abdi dumeuheus ka Gusti,
mamandapan dedepean,
henteu kendat-kendat dzikir,
dzikir ku lisan ku ucap.
dzikir ku batin ku gaib,
neneda welas asihna,
miharep rahmat Ilahi.

7.     Ya Alloh Nu Maha Agung,
deuheuskeun diri sim abdi,
henteu tebih tina arasy,
arasy pangkonan Ilahi,
paparinkeun kasempetan,
geusan abdi muja-muji,
sujud sukur ka pangkonan,
neda hidayah Ilahi.

8.     Ya Alloh abdi nunuhun,
abdi anu hina doip,
nu salamina hariwang,
anu sering hamham pikir,
mugi kersa ngahampura,
mugi miwelas miasih,
jantenkeun jalma nu ihlas,
nampi pangasih ti Gusti.
9.     Ya Alloh abdi nunuhun,
jisim abdi anu laip,
nu seueur pisan paneda,
kahayang teu sisip-sisip,
mahluk nu nembe unjukan,
upami  gaduh kapeurih,
nanging teu weleh sumambat,
jumerit gedengeun Gusti.

10. Ya Alloh Nu Maha Agung,
Maha Kawasa Tingali,
Maha Akbar kawasana,
Maha Luhur Maha Suci,
anu kagungan rarancang,
rarancang gaib nu latif,
anu kagungan kawasa,
kawasa bukti kasaksi.

11. Maha Kiat Anu Agung,
Maha Panceg kodrat Gusti,
kodrat iradat Mantenna,
teu aya nu bisa nampik,
teu aya nu wasa nolak,
kana iradahna Gusti,
teu aya nu wasa nyingkah,
nyingkahan parentah Gusti.
12. Ya Alloh Nu Maha Agung,
abdi sumujud babakti,
teu aya nu bakal bisa,
bisa ngahampura abdi,
taya nu bisa nutupan,
nutupan wiwirang abdi,
mung Alloh Nu Welas Heman,
abdi iklas sujud bakti.

13. Ya Alloh Nu Maha Agung,
mung Gusti Ilahi Robbi,
mung Alloh anu iasa,
anu iasa ngarobih,
amal abdi anu salah,
gawe abdi anu batil,
Gusti mah yasa  ngarobah,
sadaya teu langkung Gusti.

14. Teu aya deui Nu Agung,
lintang ti Ilahi Robbi,
mung Alloh anu kagungan,
nu payus kenging pamuji,
dupi abdi sayaktosna,
tukang nganiaya diri,
sering ngalanggar parentah,
tina kabodoan abdi.
15. Ya Alloh Maha Papayung,
papayung diri sim abdi,
estu kalintang seueurna,
kaawonan diri abdi,
ku Pangersa ditutupan,
kalintang seueur balai,
ku Pangersa dihalangan,
salamet diri sim abdi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar