aya cipanon nu ngalembereh maseuhan tungtung jajantung...
mangsa jempling ngudag waktu nu sakotret ngajorelat
kacipta basa kuring keur tunggara, ngaran ema nu disambat
anjeun surti ngarungrum kuring, namplokeun kabeh kanyaah nu aya...
ayeuna ema...
mangsa anjeun dipapag jorelat mangsa, kanyeri tina kakolotan raga loba netéwo
kuring jodar joledar teu tumut panggero rasa ....
nganggangan anjeun nu rumanggieung kundang iteuk ....
beu, pimanaeun kasolehan diri ?
Gusti. kuring tepikeun....Kasalira kuring masrahkeun.....

Tidak ada komentar:
Posting Komentar