Jumat, 24 Juni 2011

indung tunggul rahayu

Indung tunggulna rahayu bapa tangkalna darajat hiji "dalil" meunang nyutat tina kitab kahirupan nu ngagurat ngagalura minuhan rasa, nu dikotret dina jero sanubari. Kitab ageman nu cukup keur bacaeun diri pribadi ....
Kukituna ema, ka anjeun karamat sareng safaat dipenta.
Kukituna bapa,  ka anjeun harkat sareng darajat dipundut.
dina saban-saban tarikan nafas eling ka wiwitan sadar ka wekasan jadi cecekelan guna nyeuseup karomah ema jeung bapa....

dina aweuhan keteg jajantung, ukur pamenta ka Gusti anu Maha Suci kahatur
ukur Anjeun Gusti anu tiasa ngabales sadaya kasaean ema bapa abdi.....
mundut disalametkeun di dunya nepi ka aherat jaga......(amin).

[sono] k'ema

aya cipanon nu ngalembereh maseuhan tungtung jajantung...
mangsa jempling ngudag waktu nu sakotret ngajorelat
kacipta basa kuring keur tunggara, ngaran ema nu disambat
anjeun surti ngarungrum kuring, namplokeun kabeh kanyaah nu aya...
ayeuna ema...
mangsa anjeun dipapag jorelat mangsa, kanyeri tina kakolotan raga loba netéwo
kuring jodar joledar teu tumut panggero rasa ....
nganggangan anjeun nu rumanggieung kundang iteuk ....

beu, pimanaeun kasolehan diri ?

Gusti. kuring tepikeun....Kasalira  kuring masrahkeun.....

"Puspa reuma"

Puspa reuma endah teh ngahudang rasa
Kuteusangka horeng bet jadi didinya
Na kunaon neundeun asih ka dirina
Kapikat panah asmara, mustika kembang katresna

Nya di gunung kuring tepung
Gandrung liwung kapidangdung
Duh aduh malati ligar na ati
Nenggorkeun imut kareueut pinuh ku madu mamanis

Nukapireng harewos mawa hariring
Ngagalindeng nyanding dina hate kuring
Geter asih minuhan rasa katineung
Na rangkulan jadi sungkeman kaheman

"Galih cipta wening"

Anaking, anak bapa anu kasep. Ieu ngaran teh ngahaja nyokot tina kecap/bahasa sunda, kusabab aya maksud  nyurupkeun “rasa” nu nyangking ieu ngaran 9nya anjeun buktina) ka taneuh  sunda lemah caina. Jaga mun pareng ku kudrat jeung irodat na pangeran dikeresaning hidep kedah ngalalana ngider jagat, hiji nu tetep dipiharep “tong poho kana purwadaksi” eling saha ari diri hidep, timana asal hidep, kudu kumaha nyanghareupan lalakon hirup hidep, jeung rek kamana bakal mulang diharepkeun tetep nanceb anteb dina hate anjeun  Galih Cipta  Wening, anaking anak  bapa.
Pan tadi cenah aya paribasa “mun jelma hayang nyaho ka gustina, mangka kudu bisa nganyahokeun saha ari dirina” mangsa-mangsa jelma geus apal ka dirina pasti ngarasa bodo hirupna. Teu umaku, teu umaing komo bari ujub, ria jeung takabur mah jauh pisan netep di jelma nu geus eling tur sadar saha ari diri anu sanyatana. Salah sahiji jalan pikeun nganyahokeun kadiri nya kurasa katepina, rasa bakal katepi lamun geus kaharti, harti diudag salah sahijina kubahasa, nya pikeun urang sunda tangtu bahasa sunda anu dipake pikeun nepikeun rasa.

Bral miang anaking ,dunga tinu jadi "kolot "aranjeun

Keur aranjeun, anak Bapa anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
tikiwari kakiwari,
sawaktu-sarebu waktu,
salengkah-sarebu lengkah
Anaking…..
Asa cikeneh urang babarengan,
icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
kahade tigatruk-tipagut
keur nulalawora tinangtu tangtu hese meuntas

Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh
Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang
**
Hampura anaking,
mun letah Bapa, letah ibu te bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jeung Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
poho balik kana jalan bebeneran.
Hampura anaking,
ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup
**
Sakecap dunga, sarebu mangfaat,
dunga nu mujarab iwalti kukaweningan
hate urang-hate bapa hate ibu, hate anjeun
munajat ka kanu kawasa
Alloh ya Robbi,
mugi Gusti ngahapunten tina dosa
jeung lampah nu lepat

Bral miang anaking,
dunga Bapa keur aranjeun,
muga hidep sing bisa neruskeun lampah
nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
kurido-Na Alloh bakal kinasihan
Cag!
 (AS)

Ki sunda kudu binangkit

Assalaamu'alaikum wr.wb....

Sampurasun....!
Langkung tipayun simkurang seja nyanggakeun salam pangwanoh ka sakumna Ki Sunda, neda dihapunten bilih pedaran simkuring dihandap ieu kirang merenah, utamina dina ngalarapkeun basana. Rumaos Sunda teh saukur turunan, can mampu neuleuman eusi nu sayakti dina bagbagan Kasundaan nu sagemblengna......
Lamun ngabandungan sajarah & "sassakalana" Sunda teh mibanda pamor & kalineuwihan dibanding bangsa2 lain di Nusantara.... tapi naha atuh geuning beuki dieu teh asa beuki kasered kunu lian... boh dina urusan budaya, ekonomi, sok komo di widang pulitik.... Urang Sunda teu tembong punjul kalayan nyambuangkeun wawangi keur sakumna seuweu-siwi... (hampura lamun pamanggih simkuring rada "emosional").
Supaya "eksistensi" Ki Sunda pinunjul deui, sigana teu aya deui jalan iwal ti urang ngahijikeun deui rasa Kasundaan, dibarung ku rempug jukung sauyunan, sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, dina ngokolakeun seuweu siwi tatar Pasundan....
Deudeuh teuing.... lamun Sunda tumpur, teu ajeg dina tetekon Kasundaan nu baheula diwasiatkeun/diwariskeun ti karuhun urang....
Sumangga urang lenyepan ieu Rumpaka:


"PANGAPUNGAN"
Sangkakala Padjadjaran
Watu gilang Padjadjaran
Watu gilang sang Niskala baheula
Baheula sabale gandrung,
sa Sunda sa Siliwangi
Gemah ripah kerta mukti....Raden
Naha atuh kiwari geuningan sagala gati.....deuh
Bongana pahiri-hiri,
Parebut dipayung tangtung
Pagirang-girang tampian,
Calik girang gede ajang
Naha alok henteu nyaho,
Somah nu lara balangsak
Geuning duh kaniaya
Nya urang papantunan,
kumelendang jeung kalangkang
Baheula sa Padjadjaran, sa Prabu, sa Balegandrung
Nu gandrung ka Sunda tandang....duh
Urang mindeng jejemplangan,
Ngajemplang jemplingkeun diri....Raden
Ulah rek kabareurangan
si Pelung ngalingkung lembur,
hudang urang rarancagan
Rancag batan kuda lumpat,
tarikna ku dedegungan
Kebat ka Bale Rancage,
hayu di ditu gebur gumebyar.
Reungeukeun tuh sangkakala,
Sangkakala Padjadjaran tangara
Mangsa mapag jaman anyar,
Mangsana ki Sunda Tandang
Rempug jukung sauyunan....duh
Tembongkeun ajen wewesen,
Satria nu Pinandita....Raden
Teuas peureup lemes usap,
Pageuh keupeul lega awur
Silih asah silih asih,
Bari adil paramarta
Sinatria pilih tanding,
Raden tedak Pasundan
====
Cag....!
Wassalaam...

Uga Wangsit Siliwangi

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan............................. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

Senin, 20 Juni 2011

Fri, 07 Dec 2007 22:08:57 -0800
Sabagian kecap Sunda buhun anu dimimitian ku aksara / sora h anu disalin tina 
KBSKI Kamus Bahasa Sunda Kuno Indonesia:
 
haat = sayang, iba
   panghaat = yang menolong
haci = sebutan kepada perempuan (suci)
hadang = cegat
hadep = hadap
hadi = makmur
haji = raja, ratu
hala = jahat, kejahatan, buruk
   kapahala = kesusahan
   mahala = menyusahkan
halimpu = makmur
halit = kecil, mungil
haliwawar = badai
halis = kening
halo = zinah
haloan = berzinah, serong, berselingkuh
   halwan berzinah
hamo, hamwa = jangan harap, percuma
hana = ada
   hanapuwa, hanapwan = adapun
   manghanakeun = menghadirkan
   sahana = segala
hanget = hangat, ramai
hanger = tetap
hanggeuy = sokong, sangga
hanggonan = pakaian
hangkara = takabur
hangker = menyeramkan
hangsa = angsa
hanjeter = kekih
hanjetong = kata pengantar
hantu = mati
hanus = hangus
hanyar = baru
hapa = hampa, kosong
hari = singa
harigu = dada
haro, haro-hara = huru-hara
harsa = rugi
hasra = ribu, ribuan
hasta = tangan
   hastaleleka = tulisan tangan
hat = perlindungan
   hata = melindungi
hatah = mentah
hateu = tidak
hawara = terlalu cepat
haya = ada
hayu = cantik, indah, bahagia
   kahayu = kecantikan
   kapahayu = terpelihara dengan baik
   karahayuan = kebahagiaan
   mahayu = mempercantik, mensejahterakan
   pahayueun = jalan kebahagiaan
   rahayu = bahagia, sentosa
hemeng = heran
hengan = tetapi
hening = hening
hibar = bersinar, terang benderang, berkah
hilang = hilang
hilir = hilir
   milir = menuju hilir
hingan = batas, hingga
   kahingan = terbatas oleh
hinten = intan
hireng, hideung = hitam
hiri = iri
hisep = isap
hita = lahir
hopat = empat
hudan, hujan = hujan
hujung = ujung
hulu = kepala
   hulu jurit = panglima perang