Samemeh bras kana ma’na nu dikandung ku Aksara Sunda, aya sawatara conto dina aksara/ huruf sejen pikeun babandingan jeung tina sawatara buku nu aya tumalina jeung harti/ma’na aksara/huruf, nyaeta:
Nu ku urang biasa sok diaku jadi Aksara Sunda (Cacarakan). Susunan abjadna sareng dihartianana:
HA - NA - CA - RA - KA > AYA UTUSAN
DA - TA - SA - WA - LA > PAREA-REA OMONG/PARASEA
PA - DHA- JA - YA - NYA > PADA NGARASA BENERNA
MA - GA - BA - THA - NGA > AHIRNA NGABABATANG (PAEH)
Teu aya nu terang heula mana gelarna/ayana naha susunan Carakan nu hartina saperti kitu heula atawa carita AJI SAKA jeung panakawan Dora katut Sambada nu ti heula aya teh. Ngan nu tetela susunan abjad Jawa/cacarakan di luhur geus bisa dipake tuduh kana filsafat hirup. Upamana bae bisa dima’naan yen “jelema nu sok parebut omong maseakeun bebeneranana masing-masing, ahirna bisa “paeh” duanana sabab patelak mageuhan pamadegan “bebeneranana” masing-masing tea.
2. AKSARA KAWI (JAWA KUNA)
Nu seja dipedar sanes wangun aksarana, nanging tina jihad harti/ma’na anu kapaluruh tina Kamus Basa Kawi - Indonesia, Prof. Dr. S. Wojowasito, CV. Pengarang, Malang, 1977. Kieu pihartoseuanana teh:
Aksara tikoro (laringal): K/a - G/a - NG/a
- Aksara Jawa (Carakan)
- Aksara Kawi (Jawa Kuna)
- Aksara Arab (Al-Qur’an) nu disalin sacerewelana tina buku Fenomenologi Al-Qur’an, susunan Drs. Anharudin, Dr. Lukman Saksono M.Sc, Lukman Abdul Qohar Sumabrata, PT. Alma’arif, 1997, Bandung.
- HAKIKAT LAFADZ ALLAH terjemahan Drs. Hasan Abrori.M.A tina karyana Ibnu Arabi. Pustaka Progresif. 1996.
- Huruf Latin.
Nu ku urang biasa sok diaku jadi Aksara Sunda (Cacarakan). Susunan abjadna sareng dihartianana:
HA - NA - CA - RA - KA > AYA UTUSAN
DA - TA - SA - WA - LA > PAREA-REA OMONG/PARASEA
PA - DHA- JA - YA - NYA > PADA NGARASA BENERNA
MA - GA - BA - THA - NGA > AHIRNA NGABABATANG (PAEH)
Teu aya nu terang heula mana gelarna/ayana naha susunan Carakan nu hartina saperti kitu heula atawa carita AJI SAKA jeung panakawan Dora katut Sambada nu ti heula aya teh. Ngan nu tetela susunan abjad Jawa/cacarakan di luhur geus bisa dipake tuduh kana filsafat hirup. Upamana bae bisa dima’naan yen “jelema nu sok parebut omong maseakeun bebeneranana masing-masing, ahirna bisa “paeh” duanana sabab patelak mageuhan pamadegan “bebeneranana” masing-masing tea.
2. AKSARA KAWI (JAWA KUNA)
Nu seja dipedar sanes wangun aksarana, nanging tina jihad harti/ma’na anu kapaluruh tina Kamus Basa Kawi - Indonesia, Prof. Dr. S. Wojowasito, CV. Pengarang, Malang, 1977. Kieu pihartoseuanana teh:
- BA > ba-bad = kecap pagawean >motong
- CA > ca-ra = tingkah laku, tanda pangkat.
- DA = kecap gaganti jelema kadua > maneh
- GA = bungah/atoh > kabungaham, gumbira
- HA = panyeluk (B.I berseru), surak, emprak
- JA = lahir, kecap nandeskeun
- KA = sabab, kalawan, saterusna
- LA = ngelelkeun letah
- MA > ma-dana = cinta, mincinta
- NA = saperti kitu, nyaeta, nya kitu
- NYA = -nya, kieu
- PA > pa-ca = mitapak, ngajaring (B.I menjerat), kabeungkeut ku …..
- RA = nu dipikahromat ( kecap sandang/honorifik)
- SA = sa, sakabehna, keur sagemblengna, ngahiji
- TA = kecap panandes, nandeskeun
- WA = mabra, cahayana caang pisan
- YA = kusabab kitu, tah nya kitu, oge, upama kitu, supaya.
- KA = sabab> nu jadi sabab.
- GA = gumbira > kagumbiraan - kaagungan.
- NGA = > ng > ‘ng > kata sandang hormat, luhung > Siksa Kanda’ng Karesian = versi hukum/aturan Resi anu dipihormat.
- CA = tingkah laku, tanda pangkat > carana, tingkah laku nu mere ngaran/pangkat.
- JA = lahir = gelar, hirup > jelema nu hirup.
- NYA = eta teh kieu
- TA = nandeskeun maksud > tah!
- DA = > D, jelema kadua, maneh
- NA = nya kitu pisan.
- PA = kabeungkeut, katalian ku…
- BA = kecap pagawean > pagaweanana, nu dipigawena.
- MA = mikacinta > silaturahmi.
- YA = supaya, ku sabab eta.
- RA = dipihormat, kahormatan.
- LA = ngobahkeun letah, ngomong, nyarita.
- WA = gumebyar caang cahayana.
- SA = sakabehna teh hiji, asalna teh ti hiji.
- HA = emprak bakating ku bungah.
- Anu jadi sabab ayana kaagungan nu linuhung tur terhormat;
- Anu bakal mere ngaran/pangkat ka jelema anu hiurp teh kieu (nyaeta):
- Katalian ku amal anu dipigawena, nyaeta ku silih mikacinta (silaturahmi);
- Ku sabab kitu kudu silih-hormat, kudu boga kahormatan ku cara nyarita (ngomong) anu bakal ngalantarankeun gumebyarna cahaya (kamanusaan);
- sabab da sakabehna oge eta teh asalna ti Nu Hiji, sarta bakal nungtung dina hirup anu pinuh ku kabungahan (kabagjaan).
Aksara tikoro (laringal): K/a - G/a - NG/a
- Aksara lalangit teuas (palatal): C/a - J/a - NY/a
- Aksara huntu (dental): T/a - D/a - N/a
- Aksara biwir (bilabial): P/a - B/a - M/a
- Aksara satengah harkat (alveolar ): Y/a -R/a -L/a - W/a
- Aksara heas (frikatif, geser alveolar): S/a - H/a - SY/a - KH/a
- Aksara heas (frikatif labiodental-velar-alveolar): F/a - Q/a - V/a - X/a - Z/a
Tidak ada komentar:
Posting Komentar