Selasa, 10 Mei 2011

Kadali Diri

Kamana nya urang nyaba
Pan kiwari urang nyaba
Ngumbara ti lembur anu kamari
Iraha urang rek balik
Pan ayeuna urang keur balik
Balik ti tapak kamari
Barzakh the geuning ku cindek
Kamari mangkukna bareto
Isukan pageto jeung jaga
Ngan urang sok salah ngarti
Prak talungtik urang hurip
Naha tangeh pangjugjugan
Naha cindek pangdumukan
Pilihan ayak di diri
Baeu geura muhasabah
Dimana urang nya nyampak
Mun sanggup prak musarobah
Sangkan balik dina fitri
Mun pareng nincak na dholim
Buru-buru mu’aqobah
Hukuman dosa ku diri
Muroqobah jadi ciri
Diri nu sanggup gumati
Bray caang kabeh kaharti
Mukasyafah jadi konci
Jakarta, 28 April 2010


SULUK 5

Suluk Mulang Ka Jati

‘Na akal ngancik aklikul
Jadi marga aya adat wengku jasad
Owah gingsir nyiliwuri
Miindung waktu mibapa zaman

Adat mung ukur keur dulur
Kahayang ukur baraya
Kaembung ge timbang batur
Suka bungah mung sasama
Pait getir mung panguji
Buah akal pucuk qolbu

Marga awak anu Bengal
Jasad gorowong bedegong
Teu surti kana panguji
Teu pengkuh kana pituduh
Nu rugi nya jisim diri
Panjang lalakon ngajadi

Bray lahir nya wajib diri
Jihad mulang kana suci
Saperti pasini jati
Mangsa urang can ngajadi
Jakarta, 17 Mei 2010


SULUK 6

Suluk Umat Kunta

Ceuk saha nya urang ngarti
Apan tacan nyekel konsi
Jati citeresing rasa
Sirrullah manunggal wujud
Zat lan sifat juntrung ing af’al
Molongpong gaplah hidayah
Diri suwung pangaweruh
Wanoh kaambeu ku elmu
Brak karampa karasa
Berkah keur pada kaula
Moal kahontal hidayah
Mun hukum hurip can panggih
Jauh boa ti ma’rifat
Lamun diri tacan timu
Kapanggih jadi pangampih
Beutina jadi pangasih
Milampah marga hidayah
Wungkul pikeun umat kunta
Kula nu nyanding qolbuna,
Luhur darajat nafsina,
Weruh ka aji dirina,
Amanah mawa umurna.
Jakarta, 31 Mei 2010


SULUK 7

Suluk Khidmat

Beurang jadi panglamunan,
Kamana nya urang miang?
Peuting jadi pangimpian,
Na iraha bagja datang?
Renceum khauf jadi keueung
Rosa roja’ bet mamala
Duanana mataholangna kalewang
Sakapeung sok datang bungah
Siger tengah ku kasusah
Kabeh ngan kadar paesan
Kembang rarangke pepesan
Pikeun saha urang hurip?
Rek kumaha peta hirup?
Tholabul ‘ilmi lan rizqie
Siga enya tapi boa
Madzmunun – ma’sumun jadi ancangan
Wamalukun – ma’budun jadi anceran
Ana korejat tina kabengbat
Laa maqshuuda bil Haqq illallah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar