Selasa, 10 Mei 2011

Kadali Diri

Kamana nya urang nyaba
Pan kiwari urang nyaba
Ngumbara ti lembur anu kamari
Iraha urang rek balik
Pan ayeuna urang keur balik
Balik ti tapak kamari
Barzakh the geuning ku cindek
Kamari mangkukna bareto
Isukan pageto jeung jaga
Ngan urang sok salah ngarti
Prak talungtik urang hurip
Naha tangeh pangjugjugan
Naha cindek pangdumukan
Pilihan ayak di diri
Baeu geura muhasabah
Dimana urang nya nyampak
Mun sanggup prak musarobah
Sangkan balik dina fitri
Mun pareng nincak na dholim
Buru-buru mu’aqobah
Hukuman dosa ku diri
Muroqobah jadi ciri
Diri nu sanggup gumati
Bray caang kabeh kaharti
Mukasyafah jadi konci
Jakarta, 28 April 2010


SULUK 5

Suluk Mulang Ka Jati

‘Na akal ngancik aklikul
Jadi marga aya adat wengku jasad
Owah gingsir nyiliwuri
Miindung waktu mibapa zaman

Adat mung ukur keur dulur
Kahayang ukur baraya
Kaembung ge timbang batur
Suka bungah mung sasama
Pait getir mung panguji
Buah akal pucuk qolbu

Marga awak anu Bengal
Jasad gorowong bedegong
Teu surti kana panguji
Teu pengkuh kana pituduh
Nu rugi nya jisim diri
Panjang lalakon ngajadi

Bray lahir nya wajib diri
Jihad mulang kana suci
Saperti pasini jati
Mangsa urang can ngajadi
Jakarta, 17 Mei 2010


SULUK 6

Suluk Umat Kunta

Ceuk saha nya urang ngarti
Apan tacan nyekel konsi
Jati citeresing rasa
Sirrullah manunggal wujud
Zat lan sifat juntrung ing af’al
Molongpong gaplah hidayah
Diri suwung pangaweruh
Wanoh kaambeu ku elmu
Brak karampa karasa
Berkah keur pada kaula
Moal kahontal hidayah
Mun hukum hurip can panggih
Jauh boa ti ma’rifat
Lamun diri tacan timu
Kapanggih jadi pangampih
Beutina jadi pangasih
Milampah marga hidayah
Wungkul pikeun umat kunta
Kula nu nyanding qolbuna,
Luhur darajat nafsina,
Weruh ka aji dirina,
Amanah mawa umurna.
Jakarta, 31 Mei 2010


SULUK 7

Suluk Khidmat

Beurang jadi panglamunan,
Kamana nya urang miang?
Peuting jadi pangimpian,
Na iraha bagja datang?
Renceum khauf jadi keueung
Rosa roja’ bet mamala
Duanana mataholangna kalewang
Sakapeung sok datang bungah
Siger tengah ku kasusah
Kabeh ngan kadar paesan
Kembang rarangke pepesan
Pikeun saha urang hurip?
Rek kumaha peta hirup?
Tholabul ‘ilmi lan rizqie
Siga enya tapi boa
Madzmunun – ma’sumun jadi ancangan
Wamalukun – ma’budun jadi anceran
Ana korejat tina kabengbat
Laa maqshuuda bil Haqq illallah
SULUK 1

Suluk Panggih Jeung Urangna

Hirup ngudag-ngudag sugan,
Ukur ngajalankeun pareng,
Bongan kalangkang nembongan,
Teu katepi malik nyeri,
Nu surti nu moal nyeri.
Mo bisa diembung-embung,
Mo bisa dihayang-hayang,
Cunduk mah tinangtu pasti.
Ongkoh boga teu miboga,
Ongkoh aya teu rumasa,
Jasad mah simbulna ati,
Ngalangkang di alam wenang.
Mulia teh udageun rasa,
Bagja mah hese disungsi,
Geuning weleh loba hisab,
Da bongan ngancik di ati.
Batam, 20 Juli 2009 M.

SULUK 2

Suluk Qiyamuhu Binafsihi

Mangsa Suwung Luwang-Liwung
Taya Asma Taya Makna
Buni Diri Nu Teu Ngarti
Rasa Teu Sanding Jeung Ilman
Karampa Henteu Kabaca
Karasa Henteu Karampa
Horeng Ngawujud Di Makhluk
Can Kaharti Ku Pangarti
Da Bongan Can Pada Ngarti
Ngarti Datang Ku Mu’jizat
Ka Abdi Pinilih Adhi
Datang Makhluk Nu Pamungkas
Mancen Amanah Khalifah
Pikeun Ngama’naan Rasa
Keretegna Tina Asma
Di Dawuh Ku Pangaweruh
Ditunggu Weleh Teu Cunduk
Dipapantes Henteu Dumuk
Diudag Anggur Ngolembar
Juringkang Ebreh Kaharti
Qiyamuhu Ta’ala Binafsihi
Limbangan, 04 Oktober 2009 M.


SULUK 3

Suluk Diri Kamali

Diri jisim pangancikan
Jasad raga penyebutan
Horeng leuweung geuleudegan
Bala runtah amalayah
Naha naon babalana
Jadi rurujit panyakit
Jadi balai keur sasama

Bongan gerot ku kabohong
Bongan bala ku kahayang
Bongan huru ku kabutuh
Bongan caah ku hoream
Papait jadi kanyeri
Mun diduruk babalana
Sato galakna kaluar
Jasad wujud jadi margi
Wadahna ku asih gusti
Malah mandar jadi berkah
Keur sasama pada kula
Margi kudu unggul tanding
Jeung sifat haris nu pelit
Sifat ami buta ati
Samimi sifat sarakah
Eta ciri jadi bukti
Babakti ka hama suci
Mustaghina darajatna
Kamali jadi ngahiji
Samemeh bras kana ma’na nu dikandung ku Aksara Sunda, aya sawatara conto dina aksara/ huruf sejen pikeun babandingan jeung tina sawatara buku nu aya tumalina jeung harti/ma’na aksara/huruf, nyaeta:

  1. Aksara Jawa (Carakan)
  2. Aksara Kawi (Jawa Kuna)
  3. Aksara Arab (Al-Qur’an) nu disalin sacerewelana tina buku Fenomenologi Al-Qur’an, susunan Drs. Anharudin, Dr. Lukman Saksono M.Sc, Lukman Abdul Qohar Sumabrata, PT. Alma’arif, 1997, Bandung.
  4. HAKIKAT LAFADZ ALLAH terjemahan Drs. Hasan Abrori.M.A tina karyana Ibnu Arabi. Pustaka Progresif. 1996.
  5. Huruf Latin.
1. AKSARA JAWA (CARAKAN)
Nu ku urang biasa sok diaku jadi Aksara Sunda (Cacarakan). Susunan abjadna sareng dihartianana:

HA - NA - CA - RA - KA > AYA UTUSAN

DA - TA - SA - WA - LA > PAREA-REA OMONG/PARASEA

PA - DHA- JA - YA - NYA > PADA NGARASA BENERNA

MA - GA - BA - THA - NGA > AHIRNA NGABABATANG (PAEH)
Teu aya nu terang heula mana gelarna/ayana naha susunan Carakan nu hartina saperti kitu heula atawa carita AJI SAKA jeung panakawan Dora katut Sambada nu ti heula aya teh. Ngan nu tetela susunan abjad Jawa/cacarakan di luhur geus bisa dipake tuduh kana filsafat hirup. Upamana bae bisa dima’naan yen “jelema nu sok parebut omong maseakeun bebeneranana masing-masing, ahirna bisa “paeh” duanana sabab patelak mageuhan pamadegan “bebeneranana” masing-masing tea.
2. AKSARA KAWI (JAWA KUNA)

Nu seja dipedar sanes wangun aksarana, nanging tina jihad harti/ma’na anu kapaluruh tina Kamus Basa Kawi - Indonesia, Prof. Dr. S. Wojowasito, CV. Pengarang, Malang, 1977. Kieu pihartoseuanana teh:

  • BA > ba-bad = kecap pagawean >motong
  • CA > ca-ra = tingkah laku, tanda pangkat.
  • DA = kecap gaganti jelema kadua > maneh
  • GA = bungah/atoh > kabungaham, gumbira
  • HA = panyeluk (B.I berseru), surak, emprak
  • JA = lahir, kecap nandeskeun
  • KA = sabab, kalawan, saterusna
  • LA = ngelelkeun letah
  • MA > ma-dana = cinta, mincinta
  • NA = saperti kitu, nyaeta, nya kitu
  • NYA = -nya, kieu
  • PA > pa-ca = mitapak, ngajaring (B.I menjerat), kabeungkeut ku …..
  • RA = nu dipikahromat ( kecap sandang/honorifik)
  • SA = sa, sakabehna, keur sagemblengna, ngahiji
  • TA = kecap panandes, nandeskeun
  • WA = mabra, cahayana caang pisan
  • YA = kusabab kitu, tah nya kitu, oge, upama kitu, supaya.
Upami susunan Aksara Sunda dima’naan ku harti/ma’na tina Aksara/Basa Kawi, bakalna teh sapertos kieu:

  • KA = sabab> nu jadi sabab.
  • GA = gumbira > kagumbiraan - kaagungan.
  • NGA = > ng > ‘ng > kata sandang hormat, luhung > Siksa Kanda’ng Karesian = versi hukum/aturan Resi anu dipihormat.
  • CA = tingkah laku, tanda pangkat > carana, tingkah laku nu mere ngaran/pangkat.
  • JA = lahir = gelar, hirup > jelema nu hirup.
  • NYA = eta teh kieu
  • TA = nandeskeun maksud > tah!
  • DA = > D, jelema kadua, maneh
  • NA = nya kitu pisan.
  • PA = kabeungkeut, katalian ku…
  • BA = kecap pagawean > pagaweanana, nu dipigawena.
  • MA = mikacinta > silaturahmi.
  • YA = supaya, ku sabab eta.
  • RA = dipihormat, kahormatan.
  • LA = ngobahkeun letah, ngomong, nyarita.
  • WA = gumebyar caang cahayana.
  • SA = sakabehna teh hiji, asalna teh ti hiji.
  • HA = emprak bakating ku bungah.
Upami ku urang diruntuykeun ma’na susunan Aksara Sunda tina Aksara/Basa Kawi tiasa disasar dirarampa, naon enas-enasna dangiangna susunan (abjad) Aksara Sunda teh, nyaeta:

  • Anu jadi sabab ayana kaagungan nu linuhung tur terhormat;
  • Anu bakal mere ngaran/pangkat ka jelema anu hiurp teh kieu (nyaeta):
  • Katalian ku amal anu dipigawena, nyaeta ku silih mikacinta (silaturahmi);
  • Ku sabab kitu kudu silih-hormat, kudu boga kahormatan ku cara nyarita (ngomong) anu bakal ngalantarankeun gumebyarna cahaya (kamanusaan);
  • sabab da sakabehna oge eta teh asalna ti Nu Hiji, sarta bakal nungtung dina hirup anu pinuh ku kabungahan (kabagjaan).
Kanggo ngawuwuhan informasi ieu diserat susunan kelompok aksara (huruf, fonem) ngalagena anu kaluarna (dikedalkeunana kacida alamiahna - sunatulloh). Sumberna tina buku Kamus KAWI - Indonesia, Prof. Dr. S. Wojowasito.

Aksara tikoro (laringal): K/a - G/a - NG/a

  • Aksara lalangit teuas (palatal): C/a - J/a - NY/a
  • Aksara huntu (dental): T/a - D/a - N/a
  • Aksara biwir (bilabial): P/a - B/a - M/a
  • Aksara satengah harkat (alveolar ): Y/a -R/a -L/a - W/a
  • Aksara heas (frikatif, geser alveolar): S/a - H/a - SY/a - KH/a
  • Aksara heas (frikatif labiodental-velar-alveolar): F/a - Q/a - V/a - X/a - Z/a