Sabtu, 30 April 2011

Di pĕngkolan engkang nangtung
Nyorĕang nyerangkeun bumi
Lelembutan kumalayang
Mumbul ka jabaning langit
Ngadongkang nu lawas ilang
Jirim asih nu teu bukti
Panto jandĕla narutup
Kacipta Enung keur ngintip
Ngaharĕwos ngajak sindang
Horĕng mung rĕkaan batin
Gambaran mangsa ka tukang
Wanci pakait pasini
Tangkal tanjung alum nguyung
Kembangna murag ku angina
Layu taya nu mulungan
Ngabayak kalakay garing
Buruan asa geueuman
Bumi kaleungitan sari
Ku teu sangka ari umur
Abong papastĕn yang widi
Lamunan tacan kasorang
Kandeg kasapih ku pati
Can kabat ngumbar duriat
Enung nilar alam lahir
Kasilih kalindih takdir
Nu lona ngan panineungan
Kalangkang pangĕling-ngĕling
Endahna tresna munggaran
Nu ngabanding beurang jeung peuting
Seuneu asih nu geus hurung
Samara bias pareum deui
Rup ku padung rap ku lemah
Baris langgeng kapati
Teu ayeuna sugan jaga
Di ahĕrat tepung deui
Wanci yuswa tunggang gunung
Sagala nu ngarandapan
Narěmbongan
Nyisit melit kana ati
Matak eungap kana ambekan
Wanci yuswa tunggang gunung
Sagala kahayang narěmbongan
Bongan diri geus teu uni
Nyalimpang kana diri sorangan
Wanci yuswa tunggang gunung
Kahoyong tinggal kahoyong
Hoyong nyorang waktu
Ka tukang
Matak mawa kasalempang
Waktu mata mulai nundutan
Sungut ngelak heuay
Miharep tibra
Di kasur
Waktu kuring sarěkeun
Henteu ogě tibra
Nepi ka poě ampir isuk
Sabab inget di hareupeun poěk
Sedengkeun umur kuring beuki nambahan
Tetep dikurung peuting
Can migawě nanaon
Kuring sieun teu bisa nanaon deui
Naon hartina hirup ieu!
Kuring teu sanggup deui
Mawa kabeurat nu beuki nambahan
Sabab hiji ogě teu kapigawě kalayan hadě
Kuring hayang gancang sare jeung Anjeun

Ladang mangsa

Wayah ngagayuh ka isuk, Cahya surya sumirat
Ti beulah wétan, Srangéngé meleték
Rék mitembeyan poé
Bral anaking geura lunta
Ngalalana ka marcapada
Bral anaking geura lunta
Meungpeung hidep masih ngora
Bral anaking geura lunta
Masing loba barang ala
Singkahan gogoda
Ayonan cocoba
Nyeri peurih patindih-tindih
Pait getir bagilir
Tong sieun
Tong keueung
Sing teuneung sing ludeung
Amis pait mo pahili
Waktu nyérélék maju ka sore
Wayah sareupna mungkas ngalalana
Peuting jempling poék mongkléng
Rintih rapih ampih
Mangsa ngarasa lading ngalalana
Suka bungah
Sedih peurih
Kumaha ngalana
Mangsa keur lunta